Yusuf Al-Qorodhowi atawa Yusuf al-Qaradawi (gumelar di Shafth Turaab, Kairo, Mesir, 9 Séptémber 1926 – maot di Doha, Qatar, 26 Séptémber 2022 dina umur 96 taun) nyaéta saurang cindikiawan Muslim nu asalna ti Mesir. Dipikawanoh ogé minangka saurang Mujtahid di éra modérn kiwari.

Ulama Muslim
Yusuf al-Qorodhowi
يوسف عبد الله القرضاوي
Gumelar 9 Séptémber 1926
Saft Turab, Karajaan Mesir (kiwari Mesir)
Tilar dunya 26 Séptémber 2022 (yuswa 96)
Qatar Doha, Qatar
Dipangaruhan ku Hassan al Banna, Mohammed al-Ghazali
Méré pangaruh ka Rashid Al-Ghannushi, M.A.M. Mansoor

Lian minangka saurang Mujtahid, dipercaya ogé minangka saurang pupuhu majelis fatwa. Loba fatwa nu geus dikaluarkeunna téh diparaké minangka bahan rujukan kana permasalahan nu kasanghareupan. Ngan loba ogé ngritik fatwa-fatwana.